Iket disebut ogé “Totopong” atawa
“Telekung”. Salasahiji rarangkén tina dangdanan, anu ilahar dipaké keur nutup
atawa masieup mastaka.Nu make totopong lain ngan ukur urang Sunda, séké sélér
séjén ogé réa nu maraké iket, ngan tangtu baé totopong urang Sunda béda jeung
sélér séjen, boh dina cara makéna boh jirimna atawa lebah kagunaannana. Ti
iraha mimiti ayana iket di tatar Sunda?, tina naskah cerita Parahiyangan ( abad
XVI ) aya catetan ngeunaan “ Sang Resi Guru ngagisik tipulung jadi
jalalang bodas, leumpang ngahusir Rahyang sempakwaja, eukeur meulit ( Sang Resi
Guru dua leungeunnna ngagisik telekung, éta telekung jadi jalalang
bodas, laju éta jalalang dititah nepungan Rahiyang Sempakwaja anu keur barang
gawé nyieun hateup ), Saméméhna aya catetan ngeunaan telekung dina mangsa
karajaan Sunda waktu papayung agungna Maharaja Tarusbawa (669 M) ,
dina éta naskah disebutkeun unggal bupati mun pareng séba ti Galuh ka Pakuan
kudu mawa tipulung, boéh wulung, boéh beureum, jeung beubeur. Sedengkeun tina
pantun Bogor dina carita Curug Si Pada Weruh tuturunan Aki Uyut Baju Rambéng
nétélakeun dina jaman pamaréntahan Prabu Siliwangi unggal upacara séba di
Pakuan Pajajaran sakumna bupati nu boga pakakas tinun kudu ngirim
telekung.) Ku éta gambaran totopong geus geus dipaké dina abad ka 7
M.
Bahan anu dipaké totopong karéréana
lawon batik, tapi aya ogé anu make lawon polos. Ngan lebah rubakna mah sarua,
paling copél 125 CM, anu warugana pasagi opat. Unggal sisina dirarangkénan ku
rupa-rupa gambar, salasahijina gambar daun paku\, réana gambar 33 atawa luyu
jeung panjangna sisi totopong, ngan bilanganna teu weléh dikalikeun tilu.
Ceuk Yusuf Effendi perupa Bandung
alumnus ITB Bandung nétélakeun yén batik iket mibanda sababaraha rupa, unggal
rupa mibanda beuti harti. Gambar manuk, wangunan imah, sawah, kebon,
sasatoan, tutuwuhan, oray, simeut jeung hurang minangka lambang buana
nyungcung, buana pancatengah jeung buana larang.
Tina iket bagéan tengah aya warna bodas
rada konéng symbol tina jagat anu suci, beresih, jeung dunya anu simpé. Tina
warna bodas, aya gambar congo kujang anu ilahar disebut motif Jawa Cemukir,
perlambang tina wates kahirupan raména alam dunya.Bagéan luarna aya motif
kahirupan manusa, pangeusi bumi katut langit. Éta téh gambaran eusina alam
dunya.
Totopong gunana keur masieup diri,
sangkan tegep, sieup, pantes katingalina, cohagna mah ngarah katémbong kasép.
Éta téh luyu jeung anus ok diungakab ku ki juru pantun “Lima jadi opat, opat
jadi tilu, tilu jadi dua, dua jadi hiji, hiji jadi kasép”.
Éta ungkara pakait jeung jrim lawon,
cara nilepan nepi ka cara makéna.
Anu patali jeung jirim, némbongkeun
eusining gambar, yén iket téh di wangun ku bagéan téngah, pangapaping bagéan
tengah, bagéan rarangkén, bagéan sisi, jeung juru.
Cara makéna :
1.
Dibébérkeun
2.
Di bagi dua jadi pasagi tilu
3.
Ditilep dua,tilu atawa opat lipetan
4.
Di terapkeun kana mastaka
5.
Dihijikeun
6.
Ditalikeun (diiket)
7.
Dibébérés, sangkan rapih
Beuti harti nu nyangkaruk dina totopong.
1.
Tina ungkara Lima jadi opat,
opat jadi tilu, tilu jadi dua, dua jadi hiji, hiji jadi kasép”. Lima jadi opat,
eusina ngeunaan rukrakan opat kiblat kalima pancer. Anu opat gambaran pangabakti, kana bakal anu opat, nu bakal jadi manusa, kana bumi, kana
geni, kana banyu, kana angin, bumi metukeun cahaya hideung, nu nyata jadi
pangucap, geni metukeun cahaya beureum, nu nyata jadi panguping, angin metukeun
cahaya kuning, nu jadi pangangseu, banyu metukeun cahaya bodas nu nyata jadi
paninggal. Atawa mandala anu di wangun ku opat madhab, pancerna nya puseur jagat.
Opat jadi “tilu” gambaran tina tritangtu “tékad, ucap, lampah” Sliasih,
siliasah, siliasuh”.Tilu jadi dua gambaran tina kahirupan anu sarwa papasangan,
dua jadi hiji gambaran tina saiket atawa sabeungkeutan. samiuk sauyunan, Kacai jadi
saleuwi, ka darat jadi salebak, sareundeuk saigel, sabobot sapihanéan.
2.
Aya ogé nu nyebutkeun di iket téh
sangkan eusinining pikiran jeung lelembutan urang Sunda ulah ngencar, kudu
nangtung dina tangtungan, ngadeg dina pamadegan.
3.
Ceuk sakaol iket téh gambaran sangkan
urang Sunda teu gedé hulu, adigung asa aing uyah kidul.
Maké iket gedé pakaitna jeung
kaparigelan, unggal anu maké mibanda cara anu béda lebah mamantesna, ku remen
ngagulang gapér iket nu makéna jadi motékar, antukna medal rupa-rupa model
iket.
Aya sababaraha model iket anus ok
diparaké ku masarakat adat nyaéta paros/parékos nangka,
ponténg atawa porténg, kolé nyangsang, panetek ,barangbang
semplak, tutup liwet, lohén, pinti, balukang peungas, kuda ngencar, sirah
sontog, merak moyan, raweuyan, Beulah beungang, pintik jeung sampay.
Di Kanekes ( Baduy )
Kajeroan anus sok paké nyaéta iket bodas anu ilahar disebut telekung, di
panamping atawa kaluaran disebutna romal,tina lawon batik merong. Di daerah
Tungtung Sunda Beulah Wétan aya iket anu katelah polontosan.Jirimna kawas bendo, éta téh saméméh aya bendo citak.
Kiwari réa iket wanda anyar, beunang
ngaropéa generasi kiwari, anu kacatet nyaéta parékos jéngkol, paros
Gedang,cikrak, koncér,cangklong sapotong, kademangan, maung leumpang, cula
badak, tanduk uncal,gorompol, jeung sajabana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar